Thursday 19 November 2009

Kodewel (Carita Sunda: ti milis sapalih)

Kampung Bojong Kenyot, Desa Legok hangseur, di wewengkon Jatihandap nukarek 2 bulan asup listrik, beurang eta meuni gujrud pisan.

Kacarioskeun, Kang Kodewel sura-seuri tuluy luluncatan. Jigana bagja luar biasa! Kang Kodewel kikituan teh, kulantaran, atoh sanggeus 5 taun nungguan teu namper-namper,
Eti "si gadis jujur" (mangga diemut carita D'Bodor perkawis Eti, pami teu emut mah, nya mangga taros ka nu emut :))

Eti nu ayeuna geus jadi pamajikanna Kang Kodewel kakandungan alias hamil alias reuneuh tea!

Eti: "Akang, Eti pan terang hamil teh ngetesna nganggo alat nu digaleuh ti apotik cap oray ngabeulit geulas tea. Tapi, supados pasti, Eti bade marios ka puskesmas, sonten ayeuna. Omat tong wawartos ka sasaha heula nya kang! saacan puguh katerangan ti dokter. Bisi teu jadi deui pan era geus diomong-omong ka batur!
Eta si manuk piaraan akang tong dibejaan oge nya kang..."

Kang Kodewel: "Puguh we darling, papah moal beja-beja ka sasaha heula ari can meunang katerangan ti doktor mah."

Teu lila, aya nu keketrok di panto hareup. Eti ngincig muka lawang panto.
Nu datang petugas PLN nu rek mere tagihan jeung denda tunggakan rekening listrik bulan kamari nu can dibayar ku Kang Kodewel. Tapi kusabab, daerah Kang Kodewel karak 2 bulan dipasang listrik, jadi boh Eti jeung Kodewel can apal yen eta teh petugas PLN.

Tukang Rekening PLN: "Ibu tos telat satu bulan ya?"
Eti: "aeh, (bari reuwas) Bapa terang ti saha? ...Akaaaaang. ..kadieu geura! yeuh aya nu apaleun rahasia tea!"
Kodewel: "Hag siah?...kumaha bapa tiasa uninga tos telat sasasih sagala?
Tukang Rekening PLN: "Sadayana tercatat di kantor kuring, Pak."
Kodewel beuki rieut: "Tercatat? Mangga ari kitu mah, enjing abdi ka kantor bapa. Urang bereskeun perkawis ieu. Omat tong wawartos ka sasaha nya pa?!"
Tukang Rekening PLN: "mangga Pak, diantos ening di kantor PLN, caket kantor kacamatan.

Isukna... di kantor PLN
Pok Kodewel: "Kumaha kantor PLN bisa nyaho rahasia kuring?"
Karyawan PLN: "Ya tahu atuh pak, eta mah sanes rahasia, margi aya catatanna di dieu!"
Kodewel: "Jadi kuring kudu kumaha atuh, amih berita ieu tong nyebar ?"
Karyawan PLN: "Ya... Bapak kedah mayar!"
Kodewel (anjritt urang diperes yeuh?!): "Mun teu daek mayar, kumaha?"
Karyawan PLN: "Ya mangga wae, ngan akibatna nu Bapak terpaksa diputus..."
Kodewel: "Gusti! Diputus? Dugi ka kituna? na tega kitu PLN mutuskeun nu abdi?
Karyawan PLN: "Eta tos peraturan Pak! kedah diputus"
Kodewel (ngorejat): "Atuh kumaha engke pamajikan sayah, mun diputus, karunya Pa?
Karyawan PLN: "Kan masih tiasa nganggo lilin Pak"
Kodewel (ngahuleung) : "@?#!!*&%$????"