Showing posts with label Nyalamatkeun Basa Sunda. Show all posts
Showing posts with label Nyalamatkeun Basa Sunda. Show all posts

Tuesday, 23 August 2011

Paribasa Sunda

Abong lètah teu tulangan


Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur



Adam lali lapel

Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai



Adat ka kurung ku iga

Adat tèh hèsè digantina. /Lampah gorèng hèsè leungitna.



Adèan ku kuda beureum

Beunghar ku barang tititpan atawa ginding ku pakèan batur. /Ginding ku pakèan meunang nginjeum.



Adigung-adiguna

Gedè hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganna. Takabur, sombong



Agul ku payung butut

Agul ku turunan



Ajak Jawa

Ngajak anu heunteu saenyana, heunteu terus jeung hatè, ngan ukur papas baè, supaya ngeunaheun batur.



Akal koja

Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan



Aki-aki tujuh mulud

Lalaki nu geus kolot pisan



Aku panggung

Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.



Aku-aku angga

Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungna



Alak paul

Tempat anu lain di kieuna, ngenaan jauhna jeung pisusaheunna. /Jauh pisan.



Alak-alak cumampaka

Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. Atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia dst.



Alus panggung(alus alur) = alus laur, hadè omè

Tegep dedeg pangadegna



Ambek nyedek, tanaga midek

Ari napsu pohara gedèna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga, ma’lum geus ropoh/ Napsu gedè tapi tanaga euweuh.



Ambekna sakulit bawang

Gampang pisan ambek



Amis budi

Hadè paroman



Amis daging

Babari katerap panyakit



Anak emas

Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana baè, bisa ogè ku dununganna.



Anak merak kukuncungan

Turunan anu hadé laku lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.



Anak merak kukuncungan

Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.



Anak puputon

Anak nu kacida di dama-damana, nu pohara di pikanyaahnya



Anjing ngagogogan kalong

Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun. /Mikahayang no moal bakal kasorang



Ari diarah supana, kudu dipiara catangna

Naon baé anu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener. /Mikahayang nu lain-lain.



Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan

Mupuas ka nu keur cilaka



Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed

Ari umur geus luhur, tapi hate ngongoraeun kènèh. /Ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora.



Asa dijual payu

Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa. /Nunggelis euweuh batur, ditinggalkeun.



Asa ditonjok congcot

Meunang kabungah anu gedè, anu saenyana teu diarep-arep. /Ngarasa bungah pisan.



Asa ditumbu umur

Boga rasa kahutang budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waku nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.



Asa nanggeuy endog beubeureumna

Kacida nyaahna



Asa nyanghulu ka jarian

Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.



Asa potong leungeun katuhu

Leungiteun jalma anu pohara hadè gawena



Asa teu beungeutan

Awahing ku èra.



Asa tungkeb bumi alam

Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poèk mongklèng pipikiranna



Asa rawing daun ceuli

Teu ngeunah hate ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.



Asak warah

Cukup atikan (didikan). Cirina, henteu dusun; basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.



Atah anjang

Langka silih anjangan



Atah warah

Kurang atikan (didikan). Cirina, dusun; basa jeung paripolahna loba nu salah.



Ati mungkir, beungeut nyanghareup

Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga nyaan, tapi henteu jeung saterusna.



Ati putih, badan bodas

Beresih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk



Awak sabeulah

Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan



Awak sampayaneun

Maké pakéan nu kumaha ogé, katénjo pantes atawa lucu bae.



Awak satilas

Jangkung lenjang



Awèwè dulang tinandè

Awèwè nurutkeun kumaha salaki



Aya astana sajengkal

anu mustahil ogè bisa kajadian. Upamana, budak leutik kènèh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot tèh jst.



Aya bagja teu daulat

Arèk meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus



Aya di sihung maung

Kulantaran loba kawawuh gegedéan, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.



Aya jalan komo meuntas

Aya kahayang, tambah aya nu ngajak. /Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna. /Aya pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang. /Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana



Aya jurig numpak kuda

Aya milik nu teu disangka-sangka



Aya peurah

Aya komara, aya harga, aya pangaji



Aya pikir kadua leutik

Aya kahayang



Aya réngkolna

Aya tulisanna



Ayakan tara meunang kancra

Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana



Ayem tengtrem

Tenang taya kasieun



[Dari berbagai sumber]



Pupuh

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. (Wikipedia)




Pupuh adalah bentuk puisi tradisional bahasa Sunda yang memiliki jumlah suku kata dan rima tertentu di setiap barisnya. Terdapat 17 jenis pupuh, masing-masing memiliki sifat tersendiri dan digunakan untuk tema cerita yang berbeda. (Wikipedia)


1. Pupuh Pucung


1. Pupuh Pucung (Kacapi)

1. Pupuh Pucung (Kawih)

2. Pupuh Maskumambang

2. Pupuh Maskumambang (Kacapi)

2. Pupuh Maskumambang (Kawih)

3. Pupuh Kinanti

3. Pupuh Kinanti (Kacapi)

3. Pupuh Kinanti (Kawih)

4. Pupuh Magatru

4. Pupuh Magatru (Kacapi)

4. Pupuh Magatru (Kawih)

5. Pupuh Balakbak

5. Pupuh Balakbak (Kacapi)

5. Pupuh Balakbak (Kawih)

6. Pupuh Asmarandana

6. Pupuh Asmarandana (Kacapi)

6. Pupuh Asmarandana (Kawih)

7. Pupuh Ladrang

7. Pupuh Ladrang (Kacapi)

7. Pupuh Ladrang (Kawih)

8. Pupuh Lambang

8. Pupuh Lambang (Kacapi)

8. Pupuh Lambang (Kawih)

9. Pupuh Mijil

9. Pupuh Mijil (Kacapi)

9. Pupuh Mijil (Kawih)

10. Pupuh Jurudemung

10. Pupuh Jurudemung (Kacapi)

10. Pupuh Jurudemung (Kawih)

11. Pupuh Wirangrong

11. Pupuh Wirangrong (Kacapi)

11. Pupuh Wirangrong (Kawih)

12. Pupuh Gurisa

12. Pupuh Gurisa (Kacapi)

12. Pupuh Gurisa (Kawih)

13. Pupuh Sinom

13. Pupuh Sinom (Kacapi)

13. Pupuh Sinom (Kawih)

14. Pupuh Gambuh

14. Pupuh Gambuh (Kacapi)

14. Pupuh Gambuh (Kawih)

15. Pupuh Pangkur

15. Pupuh Pangkur (Kacapi)

15. Pupuh Pangkur (Kawih)

16. Pupuh Dangdanggula

16. Pupuh Dangdanggula (Kacapi)

16. Pupuh Dangdanggula (Kawih)

17. Pupuh Durma

17. Pupuh Durma (Kacapi)

17. Pupuh Durma (Kawih)

18. Pupuh Kinanti (Salendro & Kacapi)

18. Pupuh Kinanti (Salendro & Kawih)

18. Pupuh Kinanti (Salendro)




Thursday, 19 November 2009

Kodewel (Carita Sunda: ti milis sapalih)

Kampung Bojong Kenyot, Desa Legok hangseur, di wewengkon Jatihandap nukarek 2 bulan asup listrik, beurang eta meuni gujrud pisan.

Kacarioskeun, Kang Kodewel sura-seuri tuluy luluncatan. Jigana bagja luar biasa! Kang Kodewel kikituan teh, kulantaran, atoh sanggeus 5 taun nungguan teu namper-namper,
Eti "si gadis jujur" (mangga diemut carita D'Bodor perkawis Eti, pami teu emut mah, nya mangga taros ka nu emut :))

Eti nu ayeuna geus jadi pamajikanna Kang Kodewel kakandungan alias hamil alias reuneuh tea!

Eti: "Akang, Eti pan terang hamil teh ngetesna nganggo alat nu digaleuh ti apotik cap oray ngabeulit geulas tea. Tapi, supados pasti, Eti bade marios ka puskesmas, sonten ayeuna. Omat tong wawartos ka sasaha heula nya kang! saacan puguh katerangan ti dokter. Bisi teu jadi deui pan era geus diomong-omong ka batur!
Eta si manuk piaraan akang tong dibejaan oge nya kang..."

Kang Kodewel: "Puguh we darling, papah moal beja-beja ka sasaha heula ari can meunang katerangan ti doktor mah."

Teu lila, aya nu keketrok di panto hareup. Eti ngincig muka lawang panto.
Nu datang petugas PLN nu rek mere tagihan jeung denda tunggakan rekening listrik bulan kamari nu can dibayar ku Kang Kodewel. Tapi kusabab, daerah Kang Kodewel karak 2 bulan dipasang listrik, jadi boh Eti jeung Kodewel can apal yen eta teh petugas PLN.

Tukang Rekening PLN: "Ibu tos telat satu bulan ya?"
Eti: "aeh, (bari reuwas) Bapa terang ti saha? ...Akaaaaang. ..kadieu geura! yeuh aya nu apaleun rahasia tea!"
Kodewel: "Hag siah?...kumaha bapa tiasa uninga tos telat sasasih sagala?
Tukang Rekening PLN: "Sadayana tercatat di kantor kuring, Pak."
Kodewel beuki rieut: "Tercatat? Mangga ari kitu mah, enjing abdi ka kantor bapa. Urang bereskeun perkawis ieu. Omat tong wawartos ka sasaha nya pa?!"
Tukang Rekening PLN: "mangga Pak, diantos ening di kantor PLN, caket kantor kacamatan.

Isukna... di kantor PLN
Pok Kodewel: "Kumaha kantor PLN bisa nyaho rahasia kuring?"
Karyawan PLN: "Ya tahu atuh pak, eta mah sanes rahasia, margi aya catatanna di dieu!"
Kodewel: "Jadi kuring kudu kumaha atuh, amih berita ieu tong nyebar ?"
Karyawan PLN: "Ya... Bapak kedah mayar!"
Kodewel (anjritt urang diperes yeuh?!): "Mun teu daek mayar, kumaha?"
Karyawan PLN: "Ya mangga wae, ngan akibatna nu Bapak terpaksa diputus..."
Kodewel: "Gusti! Diputus? Dugi ka kituna? na tega kitu PLN mutuskeun nu abdi?
Karyawan PLN: "Eta tos peraturan Pak! kedah diputus"
Kodewel (ngorejat): "Atuh kumaha engke pamajikan sayah, mun diputus, karunya Pa?
Karyawan PLN: "Kan masih tiasa nganggo lilin Pak"
Kodewel (ngahuleung) : "@?#!!*&%$????"

Thursday, 2 July 2009

Carita Sunda

Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desadina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.

Dokter: "Maneh sok sabaraha kali mandi?"Pasien 3 : "Tilu kali pak!"Dokter: "Hah.........iraha bae?"Pasien 1: "Kamari, isukan, pageto"Dokter: "Ari ayeuna?"Pasien 3 : "Ayeuna mah saptu atuh pa dokter...."Dokter pingsan.

Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas"Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???" ceuk si Aki.Si wanoja nembalan : "Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten".

Arti Film numutkeun basa Sunda

a. Saving Private Ryan - Nulungan Rian ku sorangan
b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager
c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh
d. Die Hard II - Can Paeh Keneh
e. Die Hard III With A Vengeance - Nyaan euy Hese Pisan Paehna
f. Bad Boys - budag bedegong
g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur
h. Rain Man - Lalaki Cicing kahujanan
i. Here is Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
j. Mission Impossible - Moal Bisa
k. Titanic - Tilelep
l. Paycheck - Nganjuk Heula
m. Reign of Fire - Beubeuleuman
n. Original Sin - Tara Ka Mesjid
o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul
p. Silence of The Lambs - Embe Pundung
q. Ghost - Jurig
r. Bad Boys - Budak Baong
s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?
t. Home Alone - ditinggalkeun di imah sorangan
u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman
v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!
w. The Awakening - Hudang Sare
x. After The Sunset - Tereh Maghrib

Carita Sunda

Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. Sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.
"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna
"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.
Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.
Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui.
Dasar abong jalu sanajan uncal oge anggeur boga pikiran cabul.
"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong sorangan. Geus kitumah maung teh "diopi" ku uncal.
Geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.
"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden lapar..
"Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong susa sisi, PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.

Monday, 22 June 2009

Beo Garelo (Bodor Sunda)

Aya hiji lalaki nu resep pisan miara manuk, kaasup manuk beo. Tah kabeneran eta lalaki teh boga manuk beo bikang. Ngan hanjakal, beo teh dilatih sakumaha oge angger we disadana: “Hai, lalaki...kuring geus teu kuat yeuh ateul! Hayu ah urang ‘maen’!”. Kalakuan eta beo bikang teh puguh mantak ngerakeun kanu bogana. Kabeneran eta lalaki hiji waktu nganjang ka imah ajengan nu kabeneran ngukut dua beo jalu.

Si lalaki tuluy ngomongkeun ngeunaan kalakuan beo bikang milikna. “Oh kitu. Cobian we atuh eta beo candak ka dieu. Urang hijikeun sareng beo nu kuring. Kuring mah boga beo nu unggal waktu disadana ngan ngado’a wae. Jeung beo nu kahiji mah malah sok nyepeng tasbeh! Sugan atuh eta beo anjeun bisa bener disadana mun dihijikeun jeung dua beo kuring mah!” Si lalaki panuju kana saran ti eta ajengan.

Manehna langsung balik ka imah mawa beona. Teu lila eta beo ku ajengan langsung disakandangkeun jeung dua beo nu disadana ngado’a bae.
Geus disakandangkeun mah, eta lalaki jeung ajengan balik deui ka tepas nuluykeun obrolan.

Tah, dina jero kandang eta dua beo jalu ningalikeun beo bikang. Si beo bikang langsung disada: “Hai, lalaki...kuring geus teu kuat yeuh ateul! Hayu ah urang ‘maen’!” Na atuh, beo jalu nu hiji langsung ngomong ka beo nu keur nyekel tasbeh: “Yeuh, geura piceun eta tasbeh!
Ayeuna mah do’a urang geus kaijabah!”

Bangkong Ajaib (Bodor Sunda)

Aya hiji lalaki keur diuk di korsi taman. Dina leuengunna manehna nyepeng hiji bangkong. Sabot keur kitu, teu lila aya awewe geulis diuk gigireun eta lalaki. Si awewe melong ningali kalakuan aneh si lalaki teh. “Punten bade tumaros, Kang. Dupi eta bangkong teh kukutan Akang?” tanya eta awewe bangun nu heran. “Muhun, Neng. Namung da ieu mah sanes bangkong sa bangkong-bangkongna!” ceuk eta lalaki bari terus ngusapan bangkong bangun nu nyaah. “Ajaib kumaha, Kang?” tanya si awewe heran. “Ah, bilih Eneng engke bendu geura ka Akang!” “Moal..moal Kang, abdi mah janten panasaran! Maenya jaman ayeuna aya keneh bangkong ajaib. Sanes bangkong mah ngan ayana dina dongeng Pangeran Kodok?” “Numawi kitu. Ieu bangkong teh gaduh hiji kaahlian husus!”

“Naon tah kaahliananan?” “Ieu bangkong tiasa muaskeun istri dina urusan ranjang. Janten, sagala anu diparentahkeun ku abdi oge ieu bangkong tiasa nurut. Eneng bade nyobi?”
Plak! Eta lalaki dicabok ku si awewe.
Manehna asa dihina.
Tapi, eta awewe buru-buru nyadar da inget kana janjina tadi. "duh punten kang, abdi teu aya maksad nyabok, eta mah kalepasan"

“Muhun neng" ceuk si lalaki bari ngusap ngusap pipina nu beureum.
" Neng, Bilih Neng bade nyobian mah, hayu urang ka bumi Akang!” ajak si lalaki.
Teu burung si awewe nurut oge ahirna mah. Saeunggeus nepi di imah si lalaki, eta awewe dititah nangkarak bari bubulucunan. Tuluy eta bangkong diteundeun pas bujal si awewe.
“Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” si lalaki nitah ka eta bangkong. Si bangkong kalahkah cicing. “Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” Si lalaki nitah deui.

Tapi keukeuh eta bangkong kalahkah mugen. Si awewe geus kesel nungguan. Jaba teu paruguh deuih geus bubulucunan di hareupeun si lalaki. “Hayoh siah bangkong puaskeun si Eneng!” dihayoh-hayoh teh si bangkong keukeuh mugen. Antukna geus nepi ka sapuluh kalina, si lalaki bangun kesel terus nyarekan eta bangkong: “Kasebeleun siah bangkong teh! Ku dewek dititah teh kalahkah cicing wae! Maneh mah angger we nanaon teh kudu dicontoan ku dewek!”

Tong Ribut (Bodor Sunda)

Kacaritakeun hiji waktu di salah sahiji nagara Afrika aya hiji Sosiolog bule nu ngayakeun panalungtikeun ka hiji suku nu aya di dinya. Kabeh jelema nu aya di suku eta teh harideung pisan!

Eta Sosiolog teh cicing di imah kapala suku. Kapala suku boga pamajikan nu hideungna kabina-bina. Aya kana lima bulanna, eta kaayaan di suku eta teh ibur. Rek teu ibur kumaha atuh, pamajikan kepala suku jug kapanggih hamil. Mangkaning eta kepala suku geus aya sataunna “puasa” teu ngawajiban pamajikanana. Teu aneh mun sakabeh nu aya di dinya rada curiga ka eta Sosiolog bule tea. Tapi, pikeun ngalaksanakeun asa praduga tak bersalah, kapaksa eta utun inggi nu aya di jero beuteung eta kepala suku kudu ditungguan nepi ka brolna. Supaya kabeh jelas!

Ahirna, geus waktuna bulan alaeun. Bener we eta pamajikan kepala suku teh ngajuru. Kabeh helok! Teu helok kumaha da orok nu dijurukeun teh geuning kulitna: bule! Si kepala suku puguh era geus kabelejog ku eta sosiolog nu dipernahkeun di imahna. Ahirna eta kepala suku ngajak si Sosiolog bule ngomong duaan ka luar imah.
“Yeuh, di dinya ge ngarti meureun naon nu dirasakeun ku kuring. Cik ayeuna mah kuring mah hayang nyaho, kunaon bisa kajadian kitu?
Hampura pisan! Kuring teu nuduh anjeun. Tapi da kumaha deui, pamajikan kuring mah nyaho kan tara ka mamana di imah wae. Manehna deuih tara papanggih sumawonna reureujeungan jeung bule!” ceuk eta kepala suku. Si Sosiolog bule ngajawab bangun nu teger pisan. “Kuring ge ngarti! Tapi lamun ceuk elmu nu ilmiah mah. Bisa wae pamajikan anjeun teh beunang ku fenomena alam nu aheng…” “Maksudna naon?” ceuk eta kepala suku bingung ngadenge jawaban ti eta Sosiolog bule tea. “Kieu. Kapan di dunya mah teu kabeh milu kana kodratna. Kapan sok aya kacaritakeun ‘semangka berdaun sirih’ atawa cau anu buahna jiga nangka. Tah eta nu dimaksud ku kuring kaajaiban alam!” si Sosiolog nyoba ngabobo eta kepala suku. “Bener kuring ge ngarti. Tapi, asa teu mungkin mun seug aya lalaki di suku kuring ngalakukeun rucah jeung pamajikan. Pan nyaho, kabeh lalaki di dieu mah kulitna ge hideung kabina-bina. Teu jiga anjeun!” “Bener. Tapi tingali itu embe bikang di ditu!” si Sosiolog bule nunjuk ka embe nu kabeh buluna warnana bodas. Eta embe nu ditunjuk keur ngadaharan jukut jeung anakna di deukeut kebon, “tingali, eta indung embe ge geus keuna ku kaajaiban alam. Eta indung embe minggu kamari karek ngajuru, tapi kunaon anakna kabeh bet warnana hideung? Malah hideung pisan! Apan jaluna nu ngan hiji-hijina di daerah ieu sarua warnana bodas? Pek pikir ku anjeun!” ceuk eta si Sosiolog bule yakin.

Na atuh beres si Sosiolog bule ngomong, eta si kepala suku langsung ngadeukeutan si Sosiolog bari langsung ngaharewos. “Geus nya ti mimiti ayeuna mah tong ribut. Naon nu geus dilakukeun ku urang duaan jadi rusiah urang duaan we! Kuring ge ngarasa dosa ka pamajikan! ngeunaan pamajikan kuring anakna bule, geus tong diungkit-ungkit. Pon kitu deui eta masalah indungna embe nu anakna hideung tong diuar-uar ka nu lian. Bisi masarakat kuring nyahoeun kalakuan kuring!”

Monday, 8 June 2009

Elmu

Hiji poe Bu guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Guru nanya ka barudak kelas lima.
Bu Guru, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?"
Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.

Bu Mirna langsung baeud.

Ngaleueut

Aya ibu-ibu ngora numpak angkot bari ngangais budak, ti mimiti naek angkot, eta budak teu eureun ceurik, tayohna mah eta budak teh hayangeun nyusu kusabab halabhab, tapi indungna teu wani nyusuan sabab eraeun da puguh angkot teh pinuh pisan ku lalaki.

Sanajan ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna.
Akhirna mah indungna ngelehan ku sabab karunya jeung era ka panumpang angkot nu kagandengan,

Sanajan era era oge "susuna" dikaluarkeun tuluy di asongkeun ka budakna bari tuluy dirungkupan ku samping. Teu pati lila eta budak leutik teh kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena "ngalaleueut a ......"

Panumpang: "!@#$%^&*

Tuesday, 2 June 2009

Carita Bodor

Maling Hayam Jeung Panganten

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.

Friday, 8 May 2009

Potensi Urang Sunda

Urang Sunda mibanda seeur potensi, dina sagala widang.

Salah sawiosna, widang barakatak atawa bodor. Urang sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Jigana, karuhun urang baheula teh tukang ngabodor jiga kabayan.

Saderek
Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Urang sunda bisa kitu teh salah sahijina ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul.

Urang Sunda bisa nembongkeun 'sihung' dina sagala widang. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, kudu rajin, amanah, cageur, pinter, bageur jeung ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan.

Tong era ngaku urang Sunda
Tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan. Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan. Saha deui nu bisa nyalamatkeun sarta ngalastarikeun budaya jeung basa sunda, lamun lain budak urang (barudak ngora)

Salamatkeun Basa Sunda.

Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Komo mun teu bisa basa sunda.
Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda, sajabi ku basa Indonesia jeung Inggris.


Saderek, urang ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti sakabeh urang sunda pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, urang Sunda teh moal pareumeun obor.

InsyaAllah.

Tuesday, 17 February 2009

Kabayan 1

Si Kabayan jadi salesman vakuum cleaner,
Ngetrok panto hiji imah tuluy di buka ku ibu ibu,
Dasar Kabayan teu make basa-basi heula, langsung asup ka jero imah bari ngawur-ngawur tai embe ka unggal juru karpet,
bari ngawur ngawur Kabayan ngomong : Sok lah ceu.. mun ieu vacuum cleaner teu sanggup ngabersihan tai embe , didaharan hiji2 tai embena ku sayah
Eceu : rek jeung kurupuk atawa sambel daharna ?
Si Kabayan bingung : naha ?
Eceu : na ari maneh teu di tempo heula ayeuna keur pareum lampu...
Kabayan : ?##

Carita Bodor

Kabayan datang ka dokter nu Budiman

Kabayan : dok , aneh yeuh sayah unggal peuting ngimpi mengbal wae
Dokter : ti iraha ngimpi mengbal teh?
Kabayan : aya sabulanan dok, eta oge ngan selang sadinteun. matak cape, awak asa rusak
Dokter : (bener geuring ieu jelema: ceuk dokter dina jero hate)
pami kitu mah, tah ieu pel di inum memeh sare , InsyaAllah tangtu tibra teu ngimpi mengbal deui
Kabayan : meunang teu nginumna isukan Dok?
Dokter : Naha isukan?
Kabayan : Lebar dok, ku sabab engke peuting mah final na