Abong lètah teu tulangan
Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur
Adam lali lapel
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
Adat ka kurung ku iga
Adat tèh hèsè digantina. /Lampah gorèng hèsè leungitna.
Adèan ku kuda beureum
Beunghar ku barang tititpan atawa ginding ku pakèan batur. /Ginding ku pakèan meunang nginjeum.
Adigung-adiguna
Gedè hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganna. Takabur, sombong
Agul ku payung butut
Agul ku turunan
Ajak Jawa
Ngajak anu heunteu saenyana, heunteu terus jeung hatè, ngan ukur papas baè, supaya ngeunaheun batur.
Akal koja
Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan
Aki-aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan
Aku panggung
Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
Aku-aku angga
Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungna
Alak paul
Tempat anu lain di kieuna, ngenaan jauhna jeung pisusaheunna. /Jauh pisan.
Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. Atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia dst.
Alus panggung(alus alur) = alus laur, hadè omè
Tegep dedeg pangadegna
Ambek nyedek, tanaga midek
Ari napsu pohara gedèna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga, ma’lum geus ropoh/ Napsu gedè tapi tanaga euweuh.
Ambekna sakulit bawang
Gampang pisan ambek
Amis budi
Hadè paroman
Amis daging
Babari katerap panyakit
Anak emas
Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana baè, bisa ogè ku dununganna.
Anak merak kukuncungan
Turunan anu hadé laku lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.
Anak merak kukuncungan
Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon
Anak nu kacida di dama-damana, nu pohara di pikanyaahnya
Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun. /Mikahayang no moal bakal kasorang
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Naon baé anu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener. /Mikahayang nu lain-lain.
Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan
Mupuas ka nu keur cilaka
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
Ari umur geus luhur, tapi hate ngongoraeun kènèh. /Ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora.
Asa dijual payu
Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa. /Nunggelis euweuh batur, ditinggalkeun.
Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah anu gedè, anu saenyana teu diarep-arep. /Ngarasa bungah pisan.
Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutang budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waku nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.
Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna
Asa nyanghulu ka jarian
Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.
Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma anu pohara hadè gawena
Asa teu beungeutan
Awahing ku èra.
Asa tungkeb bumi alam
Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poèk mongklèng pipikiranna
Asa rawing daun ceuli
Teu ngeunah hate ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
Asak warah
Cukup atikan (didikan). Cirina, henteu dusun; basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.
Atah anjang
Langka silih anjangan
Atah warah
Kurang atikan (didikan). Cirina, dusun; basa jeung paripolahna loba nu salah.
Ati mungkir, beungeut nyanghareup
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga nyaan, tapi henteu jeung saterusna.
Ati putih, badan bodas
Beresih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk
Awak sabeulah
Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan
Awak sampayaneun
Maké pakéan nu kumaha ogé, katénjo pantes atawa lucu bae.
Awak satilas
Jangkung lenjang
Awèwè dulang tinandè
Awèwè nurutkeun kumaha salaki
Aya astana sajengkal
anu mustahil ogè bisa kajadian. Upamana, budak leutik kènèh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot tèh jst.
Aya bagja teu daulat
Arèk meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus
Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegedéan, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.
Aya jalan komo meuntas
Aya kahayang, tambah aya nu ngajak. /Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna. /Aya pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang. /Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana
Aya jurig numpak kuda
Aya milik nu teu disangka-sangka
Aya peurah
Aya komara, aya harga, aya pangaji
Aya pikir kadua leutik
Aya kahayang
Aya réngkolna
Aya tulisanna
Ayakan tara meunang kancra
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana
Ayem tengtrem
Tenang taya kasieun
[Dari berbagai sumber]