Monday, 22 June 2009

Beo Garelo (Bodor Sunda)

Aya hiji lalaki nu resep pisan miara manuk, kaasup manuk beo. Tah kabeneran eta lalaki teh boga manuk beo bikang. Ngan hanjakal, beo teh dilatih sakumaha oge angger we disadana: “Hai, lalaki...kuring geus teu kuat yeuh ateul! Hayu ah urang ‘maen’!”. Kalakuan eta beo bikang teh puguh mantak ngerakeun kanu bogana. Kabeneran eta lalaki hiji waktu nganjang ka imah ajengan nu kabeneran ngukut dua beo jalu.

Si lalaki tuluy ngomongkeun ngeunaan kalakuan beo bikang milikna. “Oh kitu. Cobian we atuh eta beo candak ka dieu. Urang hijikeun sareng beo nu kuring. Kuring mah boga beo nu unggal waktu disadana ngan ngado’a wae. Jeung beo nu kahiji mah malah sok nyepeng tasbeh! Sugan atuh eta beo anjeun bisa bener disadana mun dihijikeun jeung dua beo kuring mah!” Si lalaki panuju kana saran ti eta ajengan.

Manehna langsung balik ka imah mawa beona. Teu lila eta beo ku ajengan langsung disakandangkeun jeung dua beo nu disadana ngado’a bae.
Geus disakandangkeun mah, eta lalaki jeung ajengan balik deui ka tepas nuluykeun obrolan.

Tah, dina jero kandang eta dua beo jalu ningalikeun beo bikang. Si beo bikang langsung disada: “Hai, lalaki...kuring geus teu kuat yeuh ateul! Hayu ah urang ‘maen’!” Na atuh, beo jalu nu hiji langsung ngomong ka beo nu keur nyekel tasbeh: “Yeuh, geura piceun eta tasbeh!
Ayeuna mah do’a urang geus kaijabah!”