Thursday 5 July 2012

Urang Ngamumule Basa Sunda sareng sim abdi dicky budiman

Contona sapertos kieu:

Bodas jeung hideung

Sapagodos pisan. Warna hideung bodas wungkul teh, sabab kapungkur mah teu acan kapendak zat pawarna sejen. Sim abdi kungsi ngapruk di padalaman kalimantan, manggihan urang Dayak. Cangcut jeung samping urang Dayak kabeh oge hideung, henteu warna-warni, cenah lawon bodas dicelep ku warna hideung tina sajenis tutuwuhan. Kitu deui papakaean urang Kanekes baduy, nu sim abdi ge kantos manggihan pan ukur hideung jeung bodas. Ku tumuwuhna kanyaho jelema, nya kapanggih zat pewarna sejen, jadi weh sagala jijieunan jelema teh, warnana henteu hideung bodas wungkul.

Perkawis nu teu aya di Jaman Kangjeng Nabi, eta mah tong tebih-tebih, Al Qur'an nu bentukna buku (kitab) oge teu aya di jaman Kangjeng Nabi mah. Al Qur'an nembe dibukukeun saatosna Kangjeng Nabi wafat, di jaman Khalifah Usman. Al Quran ieu sok disebatkeun Mushaf Usmani.

Tapi kitab Al Qur'an nu dibukukeun di jaman Khalifah Usman masih nganggo huruf Arab Gundul. Huruf Arab saleresna konsonan wungkul, teu aya huruf vokal jeung aya sababaraha huruf nu sorana beda, tapi hurufna sarua. Keur nu basa sapopoena Basa Arab (urang Arab) hal ieu teu masalah, tapi jadi masalah saatosna etnik non Arab lalebet Islam, siga urang Parsi atawa Iran ayeuna. Urang Parsi basa sapopoena lain Basa Arab, jadi heseeun maca basa Arab, kaasup maca Al Quran.

Kakara 50 tahun saatosna Al Quran dibukukeun ku Khalifah Usman, di Jaman Sultan Abdul Malik (66-86H / 685 - 705 M) huruf arab di"reformasi", dibere tanda baca vokal jeung huruf-huruf nu sorana sarua, dibere tanda titik-titik (siga sin jeung Syin). Janten Al Quran nu ayeuna sok dibaca ku urang teh, huruf-hurufna hasil pembaharuan Sultan Abdul Malik, puluhan taun saatosna Kangjeng Nabi pupus.

Janten, teu aya masalah, sanajan tadina euwwuh tidituna oge, da nu namina peradaban manusa mah dinamis, henteu stagnan, moal enya peradaban manusa teh "dipaksa" ukur tepika Abab ka 7, padahal ayeuna parantos abad ka 21

Baktosna,


Dikintun ti BlackBerry® sim abdi smartphone layanan ti Sinyal Sae XL, Nyambung Teraaaaasss...!
Hatur Nuhun...